Saat kita menyaksikan acara resepsi pernikahan, kita akan menjumpai
seseorang yang sangat penting dalam acara tersebut. Seseorang yang mengatur
jalannya acara sehingga acara tersebut berjalan lancar dan tepat waktu sesuai
dengan yang di jadwalkan.
Ya, dia adalah seorang protokol atau pembawa acara atau biasa disebut MC
(Master of Ceremony). Kelihatanya seorang MC sepele tapi sesungguhnya berkat
jasanya semua acara berjalan sesuai dengan jadwal yang telah ditentukan.
Menjadi seorang MC membutuhkan keahlian khusus terutama dalam hal berbicara merangkai kata-kata. Terlebih acara tersebut dibawakan dalam bahasa daerah yang tentunya berbeda dengan bahasa Indonesia. Dalam bahasa daerah biasanya ada kata-kata atau istilah-istilah yang jarang digunakan dalam percakapan sehari-hari. Namun pada dasarnya semua orang bisa menjadi pembawa acara (MC), asalkan tidak memiliki gangguan pada suaranya.
Bagi yang ingin mencoba menjadi seorang MC, pada Artikel kali ini saya akan berbagi teks sederhana untuk MC resepsi pernikahan dalam bahasa sunda. Teks kali ini merupakan acara pernikahan secara umum, anda bisa menyesuaikannya dengan tradisi acara pernikahan di daerah anda.
Berikut adalah contoh teks pembawa acara resepsi pernikahan dalam bahasa sunda.
BISMILLAHIRROHMANNIRROHIM.., purwa wiwitan ieu,minangka
pamuka acara
Babasan padika pagawean lamun nangtung
kajungjunan sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.
Neda Panyaksen acara seja dikawitan…
Assalamu’alaikum Wr.Wb..,Alhamdulillahirobil’alamin
wabihinasta’in wa alla unmuri dunya waddin wassolathu wassalamu’ala assrofil
anbiya’i wallmursalin sayidinna muhammadin wa alla allihi waashabihi az’main…ama
ba’du
Para kasepuhan anu sami rawuh anu kusimkuring
dipihormat..
Bapak-bapak ibu-ibu anu sami linggih anu
kusimkuring dipihormat..
Para hadirin anu sami hadir anu kusimkuring
dipihormat..
Kumna kasugrining para wargi anu sarumping di
ieu patempatan anu kusimkuring dipihormat tur dimulyakeun ku alloh SWT…amien.
Dina mangsa rasa kebek ku kabungah anu
sumarambah leubeutning manah taya kecap nu paling merenah kedal dina munggaran
garapan anging ti urang sami-sami manjatkeun puji anu suci nyanggakeun puja anu
sampurna ka dzat anu maha kawasa illahuna robbuna alloh adza wa dzalla anu salamina
ngaping ngajaring ngaraksa tur ngayuga ka manusa nu salamina taqwa ka
mantena,mudah-mudahan diantawisna kaleubeut urang sadaya.
Teu kakantun sollawat sinareng salam paneda
mugia salamina sing di kucur lungsurkeun,di kecer geleserkeun,tur di kocor
golontorkeun kajungjunan urang sadayana baginda nabi nusajati,insan alam nu
sampurna,mustikaning sosoca dunya nyatana habbibana wanabiyuna kangjeung nabi
muhamad Saw.nu parantos nuduhkeun jalan utama ka umatna sangkan didunya hirup
waluya di aherat pinanggih jeung bagja,teu hilap sollawatna oge mudah-mudahan
didugikeun kanggo para kulawargina shahabat-shahabatna tabi’in tabi’atna tug
dugi kaurang sadayana salaku umatna anu sami-sami turut tumut kana ajaranana
dugi ka yaumil akhir..
Salajeungna mangrupi lemek pangrampes beware
pangbagea simkuring ngahaturkeun haturan wilujeung sumping wilujeung pateupung
lawung paamprok jonghok disugenging pucu galuh Desa Pinggirsari katelahna,kalayan
nyanggakeun rangkul panglawung ka kulawargi calon panganten pameugeut kalih
rombongan,teu hilap nyanggakeun “Tutut gunung keong reuma”Sumangga sing raos
calik sing geunah tur tumaninah,oge paneda tisimkuring mugia ku kasumpingan
para wargi sadayana ka ieu patempatan buktosna karorompok shohibul maksad anu
wastana Bpk……….sing janteun marga lantaran malah mandar nyaketkeun tali
kawargian diantawis urang sadayana tur salamina aya dina ridhona ti alloh swt…
Para hadirin miwah para tamu sadayana khususna
ka calon panganten pameugeut kalih rombongan bawi raos emutan pribados pamali
mun dilami-lami teu keudah di lila-lila nu dianti-anti titatadi didago-dago
tibareto ayeuna parantos nyampak sok sanaos urang sadayana sami surti sami
uninga pamaksadanana nanging kango nyumponan tindak-tanduk tata-titi duduga
sinareng peryogana manusa pangesi dunya nu parantos dipaparin manah rasa lisan
dina saliring dumadi teu cekap ku surti sinareung tekad hungkul namung kedah
disarengan ku ucap
Teu sae miulan awi mere cai geusan mandi mere
huut tina guguran namung kedah dibeujeur beaskeun kembang boled nu tetela.
Para hadirin miwah para tamu sadayana simkuring
kajurung mancen garapan salaku pangatur waktu pangjajap acara peryogi
ngadugikeun rundayan acara anu baris kasanggakeun…
Anu munggaran mangrupa bubuka dilajeung ku
lantunan qalam ilahi ditema kuseren sumeren ti pihak calon panganten pameugeut
disambung ku panampian ti pribumi indung acara nyaeta akad nikah kacangking ku
sungkeman salajengna mangrupi panutup saur pamungkas maksad ditutup ku du’a
dipungkas ku musofahah.
Para wargi sadayana supados teu nyangkolong
teuing kana waktos mangga ieu acara dilajengkeun wae kana lantunan kumandang
qalam illahi anu insya alloh bade disanggakeun ku pangersana all’muqarom bp.ust
............
mangga waktos sinareng kahormatan disanggakeun…
Jajjakallohu khoiron khatsiron..,ngahaturkeun
nuhun ka pangersana all’muqarom bp ust ............. anu parantos ngalantunkeun kumandang qalam illahi,mudah-mudahan
rahmat sinareng barokah ti mantena didugikeun khususna kanu maoskeunana wabil
khusus utamina ka calon mempelai anu bade didahupkeun umumna kanggo urang
sadayana anu sami-sami parantos ngupingkeunana…amien
Salajengna awon teu kapiunjuk,gaduh raos
janteun pribumi seja tumaros kaPangersana calon panganten pameugeut miwah
rombongan “mugi teu janteun kekeling galih rengat nya mamanahan”..aya naon nya
pamaksadan sajabina ti silaturahmi?,numawi jauh-jauh dijugjug anggang-anggang
di teang sumangga geura wakcakeun masing balaka..,sumangga ka pengersana
kasepuhan tipihak calon panganten pameugeut miwah rombongan di haturanan kanggo
ngadugikeun lebetning qalbu jeroning ati..waktos sinareng kahormatan
nyanggakeun…
Para wargi sadayana nembe urang sami-sami
nyakseni gerentes qalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameuget miwah
rombongan,lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja purwa aya nu dimaksad
seja ngaitkeun jangji pasini manjangkeun simpay babarayaan sakotretna tina
hate.sakeser daun satangkal sabungkus bareng jeung bungkusna,nyerenkeun calon
panganten pameugeut kalih cacandakanana.simkuring saukur darma teu wasa panjang
carita,kanggo pangwalerna mangga nyanggakeun ka pangresana kasepuhan ti calon
panganten istri,waktos sinareng kahormatan nyanggakeun…
Para wargi sadayana..,bungah amarwata suta
bungah nu kagiri-giri bungah nu taya papadana nugar cadas manggih emas mobok
manggih gorowong aya jalan komo meuntas jalan gede sasapuan batu turun keusik
naek itu purun ieu daek jinis pada jinis papada sapuk , ibu rama pada-pada rujuk, nu nyanggakeun
sareng anu nampi papada gumulung dina hiji kacindekan seja bebesanan rumojong
kana kahoyong putra,laksana nya pamaksadan…kumargi kitu “Kanggo perlambang lulus
banglusna ieu seren sumeren, sumangga pada nyakseni, serah papasrahan
cacandakan, mangrupi pangbobot panyandang raga ti ibuna cep…..ka biangna
neng…….sumangga kanggo cacandakan anu kahiji didugikeun sacara simbolis ku ibu
calon panganten pameuget ditampi ku ibu calon panganten istri,nu sanesna mah
mangga di antaykeun wae……Mangga calon panganten
pameugeut di candak kelebeut kanggo persiapan akad nikah.
Para hadirin miwah para wargi sadayana nitih
wanci numustari ninggang mangsa nu waluya malati ligar na ati campaka mangkak
na dada koleak sakembaran koceak ninggang ugana,uga pakaitna tatali asih
antawis neng .............. sinareng cep ...........,jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun nu diseja mang jadi
nyata..,neda panyakseni ti para wargi sadayana wirehna acara akad nikah bade di
kawitan..
Sumangga ka pangersana bapa petugas ti KUA
dihaturanan kanggo ngalaksanakeun acara akad nikah nu lansung disambung ku
sungkeman,waktos sinareng kahormatan disanggakeun.
Alhamdulillah wa sukurillah kalayan aya dina
ridho ti alloh swt oge pangdu’a tipara wargi sadayana ,acara akad nikah
parantos rengse kalayan aya dina kalancaran,mudah-mudahan aranjeuna nu janteun
panganten sing tiasa ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah warohmah,kacai
jadi saleuwi kadarat jadi salogak kacai sing daraek mandi kadarat sing daraek
sholat,oge mudah-mudahan sing di caketkeun kana rizkina sing diteubihkeun tina
balaina kalayan di paparin palaputra anu sholeh tur solehah anu tiasa
ngabaktikeun dirina kanu janteun sepuh-sepuhna tur utamina ka alloh swt nu
janteun penciptana,..
Salajengna mangrupi panutup saur pamungkas
maksad panuhun kanu maha agung paneda kanu maha kawasa,mangga ieu acara urang
tutup wae ku du’a Robbana lathuji kulubana ba’dait hadaitana wahablana
milladunka rohmatan inaka antal wahab,robbana athina fidunya hasanah wafill
a’hirhoti hasanatta wakhina adza bannar..subhana robbika robill I’djati amayashifun
wasalamun alla mursalin wallhamdulillahhirobbil a’lamin..
Alhamdulillah garapan mangsa lekasan
kasugrining anu sarumping dihaturanan kanggo ngawilujeungkeun ka panganten
diteuraskeun kana ngabujeung meja tuangeun,nyanggakeun sabrang salayang kaleubeut
cabe mah henteu,nyanggakeun hatur lumayan kaleubeut sae mah henteu..
Sateuacan amit mungkur amit mundur pamungkas
tisimkuring anu mancen garapan salaku pangatur waktu pangjajap acara seja
sanduk-sanduk bobot sapanon carang sapakan boh bilih aya saur anu teu ka
ukur,basa anu teu kareka anu matak tigeduk kanu qalbu matak rengat kana manah
matak bared kana hate sok inggis tiporos dina nyarios ti soledat dina
kecap,palias kahareup nekteuk saleunjeur katukang nigas saregang paneda mugia
balungbang timur jalan gede sasapuan caang bulan opat welas ulah aya geuneuk
maleukmeuk tepung bayu duduluran baraya sapapanjangna,hatur punteun tina sanes
kanteun kakirangan..
Usyikum wanafsi bitaqwalloh,billahi taufiq
wallhidayah wassalamu’alaikum wr.wb..
terima kasih sudah membantu untuk bahasa sunda ini rumit namun konten ini membantu saya dengan baik,, semoga berkah,sehat. murah rejeki aamiin
BalasHapusIya saya sangat berterimakasih Dengn adanya konten ini alhamdulilah saya sangat terbantu terimakasih atas segala ilmumya semoga menjadi ilmu yang bermanfaat dan mudahkan dlam segalanya, sehat
BalasHapusAlhamdulillah, saya MC pemula sangat terbantu dengan artikel ini, hatur nuhun pisan kanggo nu masihan ieu contoh..
BalasHapusBagea seun, hatur nuhun laksa ketikabingahan tos ngabantos kanu dialajar.
BalasHapusSae pisan htr nuhun
BalasHapusMasya Alloh benghar na Sunda ku bahasa
BalasHapusBagus pisan
BalasHapusMantaaap... Kbtulan dsuruh mc acara nkahan sodara
BalasHapusIjiin dipakai untuk tugas 🙏
BalasHapusSae
BalasHapusHatur nuhun Mugi janteun amal jariyah
BalasHapusHatur nuhun pa Herry... sae pisan
BalasHapusmantap surantap ..sae pisan ..sunda pisan
BalasHapusAlhamdulillah ngaraos ka bantos
BalasHapusAlhamdulillah sae pisan ngabantos pisan ka sim kuring
BalasHapusIzin dipakai teksnya 🙏
BalasHapusHaturnuhun
BalasHapusPaneda nyuhunkeun ijin kanggo ngamalkeunna
Sangat bermanfaat. Haturnuhun
BalasHapus